MC biasanya memperkenalkan peserta atau artis yang segera akan tampil di atas panggung, berdialog dengan penonton, dan secara garis besar berusaha menjaga tempo acara. Bergantung kepada acara yang dibawakan, seorang MC kadang-kadang dituntut untuk dapat membawakan lelucon atau anekdot.
dan dibawah ini adalah contoh MC dalam bahasa sunda
Contoh MC resepsi pernikahan dalam bahasa sunda. Merupakan acara pernikahan secara umum, anda bisa menyesuaikannya dengan tradisi acara pernikahan di daerah anda.
Berikut adalah contoh teks pembawa acara resepsi pernikahan dalam bahasa Sunda.
BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget.
Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka____________________
Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita.
Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng_____________cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja
dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah...........................................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa_____________________)
DO’A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda.
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.
Contoh MC Perpisahan dalam Bahasa Sunda
Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 1 Sumedang, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMAN 1 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMAN 1 Sumedang, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMAN 1 Sumedang”.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2011.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Mapag Pupuhu
3. Aosan Ayat Suci Al-Quran
4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
5. Laporan ti pupuhu panata calagara
6. Laporan ti pupuhu OSIS
7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang
8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang
10. Kedal lisan ti pupuhu sakola
11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
12. Kedal lisan ti komite sakola
13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
15. Doa
16. Pidangan kasenian gondang
17. SMANSA Award
18. Bewara siswa/siswi berprestasi
19. Pembagian STTB
20. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk…… ka saderek……dihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang.
Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek…..dihaturanan.
Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek……dihaturan.
Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang.
Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka saderek…dihaturanan.
Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek………..dihaturan kanggo mingpin doa.
Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang sami-sami nyakseni.
Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA Award teh?
Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.
Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.
Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb

Like
>>
Description: Contoh Teks MC Bahasa Sunda
Rating: 5.0
Reviewer: Eri
ItemReviewed: Contoh Teks MC Bahasa Sunda
ARTIKEL TERKAIT:
ket: *Orange = belum dibaca | *Biru = sudah dibaca
- Pantun Penutup Pidato Terbaik
- Contoh Teks MC Bahasa Sunda
- Pidato tentang ibu
- Contoh Susunan Acara
- Teks Pidato Jokowi
- Naskah pidato menuju madrasah berprestasi
- Macam macam pidato bahasa indonesia
- Contoh pidato pengaruh internet terhadap remaja
- MC Pelepasan Siswa
- Contoh Teks Pembawa Acara Dalam Bahasa Jawa
- Teks Pembawa Acara Resmi
- Teks Pembawa Acara (naskah MC)
- Contoh Teks Pembawa Acara MC Perpisahan Sekolah
- Kata Pembuka Penutup Pidato dan Strukturnya
- Persiapan yang dilakukan sebelum Pidato
- Jenis Jenis Pidato yang harus Diketahui
- Pidato Bahasa Lampung Dan Artinya